Kampung Adat Mahmud

Sajarah Singget

makom
https://wisatahits.blog/kampung-adat-mahmud-bandung-mengenal-budaya-dan-adat-adat-72321/

Kampung Mahmud diadegkeun kira-kira abad ka-15 ku Syekh Abdul Manaf atawa katelah oge Eyang Dalem Manaf. Anjeunna boga garis keturunan ti Syarif Hidayatullah, hiji ulama ti Cirebon. Eyang Dalem H. Abdul Manaf, sanggeus lila cicing di Mekah, meunang firasat yen tanah kalahirannya bakal dijajah ku Belanda. Samemeh balik, anjeunna neneda di Gubah Mahmud, deukeut Masjidil Haram, sareng nampi ilham pikeun cicing di tempat nu rawa. Anjeunna balik ka nagarana kalayan mawa taneuh karomah ti Mekah sareng neangan rawa anu kapendak di sisi Walungan Citarum. Rawa éta diurug sareng taneuh karomah dikubur di dinya, ngarobahna janten lahan perkampungan anu tuluy dingaranan Kampung Mahmud.

Dina jaman panjajahan Belanda, Kampung Mahmud sering janten tempat panyumputan anu cukup aman kanggo para pejuang. Eyang Abdul Manaf gaduh 7 generasi penerus dugi ka ayeuna. Sanggeus pupus, anjeunna dimakamkeun di Kampung Mahmud, anu makamna dikenal ku nami Makam Mahmud. Kapemimpinan kampung diteruskeun ku barudakna, sareng peran maranéhna jadi tokoh agama upami henteu janten ketua adat.

Sesebutan Ngaran Ketua Atawa Menteri

menteri
https://jabarekspres.com/berita/2021/02/12/kang-ds-bupati-bandung-terpilih-siapkan-kampung-adat-mahmud-jadi-destinasi-wisata-religi/

Ketua adat di Kampung Mahmud disebut ku sebutan "Eyang" atawa "Syekh" pikeun ngahormat ka karuhun jeung pamingpin spiritual maranéhanana.

Ngaran Imah Atawa Bangunan

imah
https://id.wikipedia.org/wiki/Kampung_Mahmud

Di Kampung Mahmud, imah dijieun tina kai, awi, jeung bilik nu dipilih taliti. Wangunan imah manjang sabab kulawarga-kulawargana anggota loba, kalayan ukuran antara 4x8 m nepi ka 10x20 m. Sirkulasi hawa alus, jandéla proporsional masihan cahaya panonpoé leuwih asup.

Buruan dipager ku paseuk awi jeung kebon. Wangunan miboga dénah L jeung hateup suhunan jolopong. Wangunan masjid ogé miboga konstruksi imah panggung jeung dénah L.

Bahan wangunan dianggep ngabogaan kakuatan magis, dipilih jeung didoakeun heula (tawasulan) saméméh nyieun imah pikeun ngadatangkeun kakuatan magis. Kai jeung awi dipaké pikeun hateup, plafon, tihang, bilik, jeung jandéla.

Ngaran Upacara-Upacara Adat

upacara
https://komunitasaleut.com/2013/09/20/catatan-perjalanan-kampung-mahmud-2/

Sababaraha upacara adat di Kampung Mahmud di antarana "Upacara Mandi Keris" jeung rupa-rupa ritual séjénna anu patali jeung kapercayaan jeung tradisi Islam.

Tawasul jang karuhun anu dipigawé nalika nyieun imah, upacara leutik nalika nyieun suhunan imah kalawan meuncit hayam, sarta upacara salametan sanggeus imah bérés diwangun. Ieu ngagambarkeun kabiasaan upacara adat anu masih dilestarikeun ku masarakat Kampung Mahmud.

Agama/Kapercayaan Anu Dianut

masjid
https://www.jawapos.com/hijrah-ramadan/01482235/kampung-mahmud-segenggam-tanah-dari-makkah-dan-saksi-perubahan-citarum

Masarakat Kampung Mahmud langkung ngagantungkeun hirupna dina iman jeung kayakinan agama. Ieu konsép anu kuat ngabalukarkeun masarakat taat dina hal agamana, utamana dina ngalaksanakeun ibadah haji, sanajan nepi ka ngorbankeun harta banda. Dina ngalaksanakeun poé-poé Islam, maranéhna ngayakeun hajat pikeun miéling jeung ngahormat ka kolot, dulur, sarta tatangga.

Sanaos taat dina agama Islam, kapercayaan kana karuhunna masih napel. Masarakat Kampung Mahmud sareng jalma luar sering ngalakukeun ziarah, ngucap sukur, sareng nyambat ka karuhun pikeun kasalametan sareng katingtriman.

Fakta Unik Kampung Adatna

gapura
https://keluyuran.com/fakta-kampung-mahmud/

Fakta unik ngeunaan Kampung Mahmud nyaéta yén kampung ieu diadegkeun di luhur lahan rawa anu diurug jeung boga nilai sajarah anu kuat dina nyebarkeun agama Islam di Bandung.